Amalan Calon Pangeusi Sawarga
Ku: Mahmud Yunus
Dawuhan Alloh SWT dina QS Al-Anbiya [21]: 35: ”Saban-saban jiwa baris ngarandapan maot”. Kitu deui manusa, isuk atawa géto pasti maot. Moal aya nu hirup salawasna. Waktuna? Taya nu nyaho. Dirahasiakeun. Ngan nu pasti ditétélakeun ku Alloh SWT dina QS Al-A’rof [7]: 34: ”Jeung pikeun saban-saban umat ogé aya ajalna. Nya upama (geus) datang ajalna, maranéhna moal bisa ménta dipundurkeun sakeudeung ogé jeung moal bisa ménta dipajukeun”. Kitu deui dina QS Al-Waqi’ah [56]: 60 Alloh SWT nandeskeun: ”Nya Kami nu geus mastikeun pati ka maranéh, jeung Kami moal bisa dihalang-halang”. Jadi, daék teu daék atawa suka teu suka maot téh ngadodoho ka urang. Umur urang sajatina unggal poé gé ngurangan. Lain nambahan. Upamana, jatah umur urang téh dipatok 60 taun. Umur urang ayeuna (20 Mei 2009) jangkep 59 taun. Kari itung sésana. Hasilna, jatah umur urang téh tepi ka April 2010.
Saéstuna, maot téh lain ahir perjalanan hirup manusa. Justru, ngarupakeun awal tina hirup jeung kahirupan nu abadi. Di alam langgeng (baka). Ari nu kudu dijadikeun perhatian ku urang nya éta hirup urang di alam kalanggengan téh sapinuhna ditangtukeun di alam dunya. Singgetna, mun di dunyana kagolongkeun jalma iman jeung sok migawé amal soléh nya di ahératna baris ditetepkeun jadi pangeusi Sawarga (QS Al-Baqoroh [2]: 25). Sabalikna, mun di dunyana kagolongkeun jalma kufur jeung ngabohongkeun ayat-ayat Alloh SWT tanwandé maranéhna baris digebruskeun ka Naraka turta langgeng di dinyana (QS Al-Baqoroh [2]: 39). Alatan kitu, sawadina urang saréréa nyiapkeun bekel sacukupna keur kahirupan di alam baka. Dumasar kana pidawuh Rosululloh SAW aya sawatara amalan nu bakal nganteurkeun urang ka Sawarga di antarana baé:
Nyiar élmu pangaweruh
Nyiar alias tolab élmu pangaweruh téh hukumna wajib keur sakumna umat Islam. Taya bédana antara muslim jeung muslimah. Ogé taya bédana antara kolot jeung budak. Lantaran sakumaha pidawuh Rosululloh SAW, nyiar élmu téh lumangsung saumur hirup. Sepanjang hayat dikandung badan. Minal mahdi ilal lahdi. Cindekna, saha baé nu ngahaja ngamomorékeun waktu (teu dimangpaatkeun keur diajar) baris cilaka. Hususna diajar élmu-élmu kaagamaan (Islam). Nurutkeun pandangan Al-Ghozaly élmu nu perelu disiar téh nya éta Al-Quran jeung tafsirna, hadis, fiqih, bahasa, jsté. Sedengkeun ceuk Ibnu Kholdun mah nu diperelukeun téh: (1) élmu lisan ngawengku Ėlmu Lughoh, Elmu Nahwu, Elmu Bayan, jsté. (2) élmu naqly saperti Elmu Tafsir, Elmu Hadis, Elmu Ushul Fiqh, jsté. (3) élmu aqly kayaning Elmu Mantiq atawa Logika, Elmu Alam atawa Sains, Elmu Katuhanan atawa Teologi, jsté. Perelu ditandeskeun, nu diwajibkeun di dieu téh tolab élmuna. Lain hasilna. Ngan mémang aya katerangan kieu: Jalma nu ngamalkeun hiji perkara teu jeung élmuna, (tangtu) amalna baris ditolak. Sabab, prakték nu teu didasarkeun kana téori tangtu teu bisa dipertanggungjawabkeun. Upamana baé, saméméh prak ngalaksanakeun solat; sing yakin heula yén urang geus ngarti kana prak-prakanana.
Dumasar kana HR Muslim ti Abu Hurairoh RA, Rosululloh SAW ngadawuh: Man salaka thoriiqon yaltamisu fiihi ’ ilman, sahhalalloohu lahu bihi thoriiqon ilal jannati. Hartosna: ”Sing saha jalma nu naratas jalan keur (kapentingan) nyiar élmu pangaweruh, Alloh baris ngagampangkeun pikeun manéhna jalan ka Sawarga”.
Nyampurnakeun wudhu bari ditungtungan ku ngado’a
Para ulama fiqih netepkeun yén wudhu ngarupakeun salasahiji syaréat Islam nu teu bisa disapirakeun. Sabab, wudhu ngarupakeun kawajiban nu disyaréatkeun langsung dina Al-Quran (QS Al-Mai’dah [5]: 6). Kadudukan wudhu kacida pentingna. Dumasar kana HR Bukhori, Muslim, Abu Dawud jeung Turmudzi ti Abu Hurairoh RA, Rosululloh SAW ngadawuh: ”Alloh teu nampi solat salasaurang ti aranjeun satungtung manéhna boga hadats, sahingga manéhna wudhu”. Hartina, wudhu téh ngarupakeun salasahiji sarat sahna solat. Mun wudhuna teu sah, nya solatna gé teu sah. Balukarna solatna ditolak.
Nyampurnakeun wudhu (komo dina kaayaan tiris pisan) diajénan luar biasa. Sakumaha ditétélakeun dina HR Muslim ti Umar bin Khottob RA, Rosululloh SAW ngadawuh: ”Saha baé nu nyampurnakeun wudhuna tuluy maca kalimah; ’Asyhadu an laa ilahaaha illalooh wahdahu la syariika lahu, wa asyhadu anna Muhammadan ’abduhu wa rosuuluh’, pikeun maranéhna baris dibukakeun panto-panto Sawarga nu dalapan jeung maranéhna bisa asup ngaliwatan panto nu mana baé”. Kari milih.
Ngajawab adzan kalawan ihlas
Ngajawab kalimat-kalimat adzan kalawan tulus ihlas (lain karna hayang pangalem ti papada manusa jeung lain karna kapaksa) nu disoarakeun atawa dikumandangkeun ku muadzin (nu adzan) baris meunang ganjaran ti Gusti nu Maha Agung. Katerangan ieu didasarkeun kana HR Muslim ti Umar bin Khottob RA, saur anjeunna Rosululloh SAW ngajelaskeun: ”Nalika muadzin ngucapkeun kalimat; ’Alloohu Akbar, Alloohu Akbar’ tuluy salasahiji ti antara maranéh ngajawab, ’Alloohu Akbar, Alloohu Akbar’. Nalika muadzin ngucapkeun ’Asyhadu an laa ilaaha illallooh’, tuluy manéhna ngucapkeun ’Asyhadu an laa ilaaha illallooh’. Satuluyna nalika muadzin ngucapkeun ’Asyhadu anna Muhammadar Rosuulullooh’, manéhna ogé ngucapkeun ’Asyhadu anna Muhammadar Rosuulullooh’. Nalika muadzin ngucapkeun ’Hayya ’alash sholaah’, manéhna ngajawab ’Laa haula wala quwwata illa billaah’. Satuluyna deui nalika muadzin ngucapkeun ’Hayya ’alal falaah’, manéhna ngucapkeun ’Laa haula wala quwwata illa billaah’. Jeung nalika muadzin ngucapkeun ’Alloohu akbar, alloohu akbar’ manéhna ngucapkeun ’Laa ilaaha illallooh’ kalawan ihlas karna Alloh manéhna baris abus ka Sawarga”.
Ngadegkeun solat lima waktu
Dumasar kana HR Ahmad, Abu Dawud jeung Nasa’i ti ’Ubadah bin Shomit RA, Rosululloh SAW kantos ngadawuh: ”Aya lima waktu solat nu diwajibkeun ka hamba-hamba-Na. Saha baé nu ngalaksanakeun éta solat kalawan daria (teu nganggap énténg), mangka ngarupakeun kawajiban Alloh ngasupkeun maranéhna ka Sawarga”. Tegesna, Alloh SWT ngajamin yén jalma nu merhatikeun solat fardu kalawan daria baris jadi pangeusi Sawarga.
Ngadawamkeun solat sunat
Disarandékeun kana HR Muslim nu asalna ti Ummu Habibah, Rosululloh SAW nguningakeun ka umatna: ”Di antara calon ahli Sawarga téh nya éta nu sok mindeng ngalaksanakeun solat sunat (tathowwu’) dua belas rokaat jero sapoé sapeuting”. Malah dina hadis ieu ditétélakeun: ”Maranéhna baris disadiakeun imah di Sawarga”.
Sumujud ka Alloh SWT
Sedengkeun nurutkeun HR Muslim nu asalna ti Tsauban RA, Rosululloh SAW nandeskeun di antara calon pangeusi Sawarga téh nya éta nu sok remen sujud ka Alloh SWT. Saur Kangjeng Rosul: ”Satiap kali sujud, Alloh baris ngangkat darajatna jeung mupus dosana éta jalma”. Kajaba dosa syirik (QS An-Nisa [4]: 48).
Ngawangun masjid
Didasarkeun kana HR Muttafaq ’Alaih ti Usman bin Affan RA, Rosululloh SAW ngadawuh: ”Saha baé nu ngawangun masjid kalawan miharep karidoan Alloh SWT, (jaga di ahérat) baris disadiakeun imah di Sawarga”. Ngawangun masjid téh kacida pentingna keur syi’ar Islam. Ngawangunna mah, ku cara réréongan ogé bisa. Nu kabiruyungan boga harta, nya ku hartana. Nu pareng boga pangabisa atawa kaahlian, nya ku pangabisana atawa ku kaahlianna. Nu kabarengan boga tanaga, nya ku tanagana jsté. Jadi, teu kudu meleg-meleg sagala ti sorangan.
Nyampurnakeun haji jeung umroh
Amalan séjénna deui nu bisa nganteurkeun nu migawéna ka Sawarga téh nya éta nyampurnakeun haji jeung/atawa umroh luyu jeung tungtunan nu samistina. Numutkeun HR Muttafaqun ’Alaih ti Abu Hurairoh RA, Rosululloh SAW ngadawuh: ”Ti umroh ka umroh séjénna, ngarupakeun kiparat atawa panglebur dosa nu dilampahkeun di antara umroh nu dua téa”. Dumasar kana hadis ieu, upamana baé salira kantos ngalaksanakeun umroh nu munggaran taun 1999. Taun 2009 diparengkeun umroh deui, tah mun aya dosa nu dipilampah ku salira antara taun 1999 tepi ka 2009 téh dilebur ku ganjaran umroh. Satuluyna Rosululloh SAW ngajelaskeun: ”Jeung saéstuna teu aya ganjaran nu pantes dilélérkeun ka haji mabrur iwal ti Sawarga”.
Urang wangsulan deui, nu didugikeun bieu téh sapalihna amalan-amalan calon pangeusi Sawarga. Pamungkas, hayu urang sasarengan ngeureuyeuh ngamalkeun amalan-amalan kasebat luyu sareng kamampuhan séwang-séwangan. Amin.***
Rabu, 13 Juni 2012
Al-Ghaffâr
Ku Mahmud Yunus
A
l-Ghaffâr ngarupakeun salasahiji Asmâ al-Husnâ (asma nu saraé) nu jumlahna jejeg saratus. Upama diantaykeun ti mimiti asma kahiji nya éta Allah, nya Al-Ghaffâr téh posisina aya di urutan ka lima belas. Al-Ghaffâr ngarupakeun kecap jieunan. Ceuk sakaol, diwangun tina kecap ghafara hartina nutupan. Ceuk sakaol deui, asalna tina kecap al-ghafaru nya éta sarupaning tutuwuhan nu sok digunakeun keur ngubaran raheut. Nurutkeun harti nu kahiji, salaku Al-Ghaffâr Anjeunna nutupan dosa hamba-hamba-Na. Sedengkeun nurutkeun harti nu kadua, salaku Al-Ghaffâr Anjeunna maparinkeun rasa handeueul/hanjelu ka hamba-hamba-Na saban tas ngalakukeun pagawéan goréng (ma’siat). Rasa handeueul/hanjelu bisa digunakeun keur ngubaran “raheut”, tegesna mupus dosa hamba-hamba-Na. Satuluyna, nurutkeun Ibnu Al-Arabi kalimat Allâhummaghfir lī ngandung harti Mugi Allah ngarobih kaayaan abdi ku (kaayaan) nu langkung saé (batan kiwari).
Kecap Al-Ghaffâr dina Al-Quran diulang lima kali. Di antarana baé Allah SWT ngadawuh: “Geura prak marénta pangampura ka Pangéran arandika, lantaran saéstuna Anjeunna téh Ghaffârâ/jembar pangampura” (QS Nûh [71] : 10). Dina ayat séjén Anjeunna ngadawuh: “Jeung saéstuna Kami téh Ghaffârâ/jembar pangampura ka sugri nu tarobat, turta ariman sarta ngalampahkeun amal saléh bari jeung tetep dina jalan pituduh” (QS Thâha [20] : 82). Dina tilu ayat liana, kecap Ghaffâr dikantétkeun jeung kecap séjén nya éta ‘Aziz. Nurutkeun ahli tafsir, kecap Ghaffâr nu dikantétkeun jeung kecap ‘Aziz ngandung harti leuwih jembar. Tegesna, salaku Al-Ghaffâr Anjeunna lain ukur Zat nu nutupan kasalahan jeung dosa hamba-hamba-Na tapi ogé nutupan perkara-perkara séjénna iwal ti dosa.
Allah SWT nétélakeun Anjeunna jembar ku pangampura. Ieu nuduhkeun yén pangampura (maghfirah) Anjeunna ngalimpudan pangampura tina sagala dosa kajaba nyarékatkeun Allah (syirik). Dosa gedé jeung dosa leutik nu dihaja jeung nu teu dihaja. Perkara ngahampura dosa nu dihaja, mémang aya sarat-saratna. Di antarana baé nya éta kudu ditobatan heula ku tobat nasuha. Sagigireun ti éta nu migawéna kudu kaabus katégori ‘jalma nu dikersakeun ku Anjeunna’ (QS An-Nisâ [4] : 48 jeung 116). Ngeunaan perkara nu teu dihaja atawa nu teu dijieun-jieun, kacaturkeun Rasulullah SAW kantos ngadeuheus sarta neneda ka Allah SWT sangkan dihapunten tina sabab rasa kameumeut ka bojo-bojona nu teu tiasa disamikeun. Saur Rasulullah SAW harita: “Nun Gusti, geuning mung sakieu buktosna hasil jerih payah (dina perkara mikacinta ka bojo-bojo) abdi téh, mugi Gusti teu ngalepatkeun abdi dina perkara nu ku abdi teu tiasa diungkulan”.
Imam Al-Ghazali ngasongkeun katerangan nu leuwih jembar. Saur anjeunna, Al-Ghaffâr nya éta: “Nu nembrakkeun kahadéan jeung Nu nyamunikeun kagoréngan”. Nurutkeun Al-Ghazali sakur dosa éta téh enas-enasna mah kagoréngan. Nya ku lantaran Anjeunna mibanda asma Al-Ghaffâr, ngahaja sawatara dosa hamba-Na disamunikeun sabuni-bunina. Lamun teu ditobatan baé, kakara dosa-dosa téh ditembrakkeun sahinasna jaga dina poéan balitungan amal (yaum al-hisâb).
Kumaha cara Allah SWT nutupan, nyumputkeun atawa nyamunikeun kagoréngan nu aya di hamba-Na? Kahiji, Anjeunna “nutupan” organ bagian jero awak manusa nu kurang pantes katempona ku kaéndahan adeg-pangadegna. Pisakumahaeun teuing balukarna, saupama kabéh organ awak urang teu ditutupan? Kadua, Anjeuna nutupan gerentes haté turta angen-angen manusa nu papalingpang jeung papagon saréat Islam. Apan moal aya saurang ogé nu apal kana gerentes haté batur kajaba Allah SWT jeung dirina. Al-Ghazali ngémbohan penjelasan, mun seug manusa apal kana eusi haté batur saperti niat goréng, iri, dengki, goréng sangka, jsté tangtu hirup kumbuhna masarakat baris kaganggu. Muhammad Quraish Shihab nambahkeun pamanggihna, malahan salian ti nu dirusiahkeun ku dirina sewéng-séwangan, Allah SWT ogé nyamunikeun pangalaman nu geus kaliwat saperti kanyenyerian lantaran cita-citana teu tinekanan. Pangalaman-pangalaman sarupa kitu ngahaja disimpen sarikip-rikipna di bawah sadar. Katilu, Anjeunna nutupan dosa-dosa akibat palanggaran-palanggaran nu dihaja ku nu marigawéna. Nya éta dosa-dosa nu ditibankeun ka jalma-jalma nu ngahaja ngarémpak papagon hirup nu ditepikeun ku para Rasul Allah SWT. Salaku Al-Ghaffâr, Anjeunna ngajangjikeun kabéh dosa bakal diganti/ditukeur ku kahadéan-kahadéan satungtung maranéhna baralik deui (tarobat kalawan sabener-benerna tobat) ka Anjeunna. Jalma nu bobolokot dosa sapantesna disiksa ku siksaan nu manglipet-lipet jaga dina poé Kiamat, turta manéhna bakal langgeng di dinyana kalawan hina (QS Al-Furqân [25] : 69). Tapi salaku Al-Ghaffâr, Anjeunna ngadawuh: “Kajaba jalma-jalma nu tarobat, nu ariman turta ngalampahkeun amal saléh, nya pikeun maréhna mah Allah baris nukeurkeun kajahatan-kajahatan maranéhna ku kahadéan” (QS Al-Furqân [24] : 70).
Malah sawatara ahli tafsir percaya, maghfirah Allah SWT lain ukur diancokeun keur jalma-jalma nu ariman tapi ogé keur jalma-jalma nu teu percaya kana bakal ayana poé balitungan amal. Dumasar kana QS Ar-Ra’d [13] ayat kagenep, Allah SWT ngadawuh: “Wa inna Rabbaka ladzû maghfiratin linnâs ‘alâ dhulmihim/Saéstuna Pangéran manéh jembar pangampura ka jalma-jalma tina perkara kadolimanana”. Dina ayat bieu ditandeskeun pangampura Al-Ghaffâr disayagikeun keur jalma-jalma nu darolim, lain ukur keur jalma-jalma nu ariman.
Allah SWT baris nampi tobat jalma-jalma nu tulus-ihlas neneda ka Anjeunna. Najan dosana lir ibarat Gunung Uhud dina pada gedéna. Atawa, lir ibarat keusik nu aya di samudera dina pada lobana. Allah SWT ngadawuh: “Pok caritakeun: “Yeuh abdi-abdi Kami nu geus ngaliwatan wates-wates wangen ka dirina sorangan, poma arandika ulah pegat pangharepan tina rahmat Allah. Saéstuna Allah ngahapunten sakumna dosa-dosa (yaghfiru al-dzunûb jamî’â), saéstuna Anjeunna Nu Maha Jembar Pangampura tur Nu Maha Asih“ (QS Az-Zumar [39] : 53). Malah moal pamohalan Anjeunna bakal ngahampura kana dosa hamba-hamba-Na najan teu dipénta ti anggalna (tingali QS An-Nisa [4] : 116). Dina salasahiji hadis Rasulullah SAW ngadawuh: “Sahabat Nabi SAW, Anas RA nyaurkeun: “Kaula ngadangu Rasul SAW ngadawuh: “Allah ngadawuh: Héy putra/putri Adam, satungtung manéh ngado’a jeung ménta pangampura ka Kami, Kami baris ngahampura, kana perkara nu dilampahkeun ku manéh baréto/baheula, Kami teu paduli (sanajan dosa manéh réa kacida). Héy putra/putri Adam, upama dosa manéh geus mapakan langit, tuluy manéh ménta pangampura ka Kami, Kami baris ngahampura. Ibaratna manéh datang ka Kami kalawan mawa wadah sagedé (planet) Bumi nu pinuh ku dosa jeung datang ka Kami tanpa nyarékatkeun Kami jeung nu lian (baca: lain ti golongan jalma musyrik), tanwandé Kami baris datang ka manéh sagedé wadah nu disebut tadi/tetep bakal dihampura” (HR At-Tirmidzi). Malahan nurutkeun hiji riwayat jalma nu ngalanggengkeun istighfar tetep bakal ditarima tobatna, sanajan manéhna bulak-balik ngalampahkeun dosa tujuh puluh kali saban poéna. Nguping katerangan bieu, Abu Dzar RA héran satengah teu percaya. Naha bet jalma nu bulak-balik ngalampahkeun dosa tuluy bulak-balik ngalaksanakeun tobat alias tobat sambel, tobatna tetep ditarima?
Hiji waktu sahabat Abu Bakar RA, susumpahan anjeunna moal rék ngahampura kasalahan Misthah (salasaurang nu milu nyebarkeun fitnah ka Aisyah RA putrina téa). Padahal salila ieu, Misthah téh dinafkahan/dibalanjaan ku anjeunna. Ternyata, sikep Abu Bakar RA kasebut téh salah/kaliru. Allah SWT ngadawuh: “Jeung teu pantes jalma-jalma nu marampuh turta aya kalonggaran ti antara maranéh susumpahan yén moal ngabantu ka kulawarga nu dareukeut, ka jalma-jalma nu mariskin jeung ka nu hijrah di jalan Allah, tapi maranéhna kudu dimaapkeun turta dihampura. Naha maranéh téh teu hayang dihampura ku Allah? Jeung Allah téh Ghafûr/Maha Jembar Pangampura jeung Rahîm/Maha Mikaasih” (QS An-Nûr [24] : 22).
Sabadana “ngaderes” (najan alakadarna) ngeunaan seluk-beluk nu aya patalina jeung Al-Ghaffâr, sakuduna urang ngalenyepan malah béh dituna mah ngalarapkeun sipat-sipat Al-Ghaffâr dina kahirupan sapopoé luyu jeung kamampuhan masing-masing. Di antarana baé:
Kahiji, aéb, kagoréngan, nya kitu deui dosa nu aya di diri urang sakuduna dirusiahkeun. Ulah sagala rupa nu aya di diri urang dibéjakeun ka batur. Rasulullah SAW ngadawuh: “Kabéh umat Kami baris meunang pangampura kajaba jalma-jalma nu tanpa tédéng aling-aling migawé kama’siatan. Kaabus tanpa tédéng aling-aling, jalma nu peutingna ngalampahkeun kagoréngan tuluy isukna manéhna ngabéjakeun éta kajadian ka papadana (padahal saéstuna Allah SWT nutupan/ngarusiahkeun éta kajadian)” (HR Bukhari).
Kadua, nutupan/ngarusiahkeun aéb, kagoréngan, nya kitu deui dosa nu aya di diri dulur-dulurna atawa baraya-barayana. Malah sabisa-bisa mah nu dibéjakeun téh kahadéana. Kituna ogé lain dimaksudkeun keur ‘ujub jeung/atawa takabur. Rasulullah SAW ngadawuh: “Teu aya hiji jalma nu nutupan aéb dulurna di dunya, kajaba Allah baris nutupan aébna jaga di ahérat” (HR Muslim ti Abu Hurairah). Dina hadis séjéna, Rasulullah SAW ngadawuh: “Saha baé nu nutupan aéb sasama muslim, Allah baris nutupan aébna di dunya jeung di ahérat”.
Sabalikna, saha baé nu biasa ngabolékérkeun aéb, kagoréngan jeung dosa dulur-dulurna (kajaba di pengadilan kitu ogé mun manéhna dipercaya jadi saksi, jsb.), nu biasa dendam-kesumat, nu biasa ngawales kajahatan ku kajahatan, nu biasa nyebarkeun fitnah, nu sok goréng sangka, jrrd. hakékatna teu mibanda sifat Al-Ghaffâr saeutik-eutik acan. Padahal, sakumaha nu ditandeskeun dina QS An-Nûr [24] ayat ka-22 tétéla saréréa mikabutuh kana maghfirah ti Allah SWT. Sakali deui pidawuh-Na: “Naha maranéh teu hayang dihampura ku Allah SWT?” Wallâhu A’lam***
Langganan:
Postingan (Atom)